Home > tajwid

tajwid

Hukum Tajwid Part II

Kamis, 10 Mei 2012 Category : 0


HUKUM MIM PAEH

Mim paeh nyanghareupan salah sahiji huruf hija-iyyah anu aya 3, diantarana:
·         Idgham Mutamatsilain
    Idgham mutamatsilain nyaeta ngaighamkeun mim paeh kana mim ( mim paeh nyanghareupan mim ).

·         Ikhfa Syafawi
    Ikfha Syafawi nyaeta mim paeh nyanghareupan huruf Ba.

·         Izh-har Syafawi
    Mim paeh dibaca izh - har syafawi nyaeta dimana "Mim " nyanghareupan huruf "Fha" atawa "Wau".


QALQALAH

      Qalqalah nyaeta sora hurufanu ngeper/ ngenyod mun eta huruf teh paeh, boh paeh kusabab aya pamaeh,
atawa paeh kusabab di waqaf-keun.
      Qalqalah paeh/ dipaehan, dibacaa ulah sina eungit sorana, tapi masih aya keneh kakuping meeusan, saperti
urang nepak atawa ngalungkeun bal, upamaetabalragrag,tarateruscicing tapi sok ngancul deui kaluhur, nya
sora anu saperti kitu disebatna qalqalah teh. Huruf qaqalah teh aya 5, diantarana :

Qalqalah teh aya dua rupa nyaeta, diantarana Qalqalah Shugra sareng Qalqalah Kubro.

·         Qalqalah Shugra
      Qalqalah shugra ( leutik ) nyaeta sora huruf qalqalah anu paeh asli ( paeh kusabab make pamaeh atawa sukun ),
ari ayana eta huruf qalqalah sarua bae, boh ditengah kalimah atawa ditungtung kalimah. Sedengkeun,

·         Qalqalah Kubro
      Qalqalah Kubro ( gede ) nyaeta sora huruf qalqalah anu paehna asli ( tapi paeh kusabab diwaqaf-keun ). Huruf
qalqalah kubro ayana ditungtung, sarta teu aya qalqalah kubro dimana heunteu diwaqafkeun.

Hukum Bacaan Tajwid

Category : 0


HUKUM NUN PAEH SARENG TANWIN

Hukum Nun Paeh sareng Tanwin nyanghareupan salah sahiji huruf Hijaiyyah eta ngabogaan opat hukum nyaeta :

·         Izh - har
      Izh - har ( Izh - har halqi ) nyaeta nun paeh atawa tawin di baca kalawan eces/ jentre/ jelas sora "N" sarta teu make
gunnah, nyaeta : dimana nun paeh atawa tanwin teh nyanghareupan salah sahiji huruf izh - har. Huruf - hurufna aya 6 di
antarana :                                                                                                                                             

·         Idgham
    Idgham nyaeta sora nu paeh atawa tanwin leungit diasupkan kana aksara nu aya di harepeunana ( huruf Idgham ).
Huruf idgham aya 6 nyaeta :
Idgham teh aya dua rupa, diantarana :

·         Idgham Bi Ghunnah
      Idgham Bi ghunnah yaeta idgham anu make gunnah ( ngahiung kana irung ). Hurufna aya 4 diantarana :

sedengkeun,

·         Idgham Bi la Ghunnah
      Idgham Bi la ghunnah yaeta idgham anu teu make gunnah ( teu ngahiung kana irung ). Hurufna aya 2 diantarana :
                                                                                                                                                                 
·         Ikhfa
      Ikfha nyaeta sora anu paeh atawa tawin dibaca samar antara "N" jeung sora hurufau aya di hareupeunana, (dibaca antara
izh - har jeung idgham ) , iwal huruf :
Huruf Ikhfa aya 16, diantarana :

·         Iqlab
      Iqlab nyaeta sora nun paeh atawa tanwin dibalikeun atawa dirobah, asalna "N" jadi "M", atawa dimana nun paeh atawa tanwin
nyanghareupan huruf iqlab. Huruf Iqlab aya 1, nyaeta :

Diberdayakan oleh Blogger.