Hukum Tajwid Part II
Posted on Kamis, 10 Mei 2012
|
No Comments
HUKUM MIM
PAEH
Mim paeh
nyanghareupan salah sahiji huruf hija-iyyah anu aya 3, diantarana:
·
Idgham Mutamatsilain
Idgham mutamatsilain nyaeta
ngaighamkeun mim paeh kana mim ( mim paeh nyanghareupan mim ).
·
Ikhfa Syafawi
Ikfha Syafawi nyaeta mim paeh
nyanghareupan huruf Ba.
·
Izh-har Syafawi
Mim paeh dibaca izh - har syafawi nyaeta
dimana "Mim " nyanghareupan huruf "Fha" atawa
"Wau".
QALQALAH
Qalqalah nyaeta sora
hurufanu ngeper/ ngenyod mun eta huruf teh paeh, boh paeh kusabab aya pamaeh,
atawa paeh
kusabab di waqaf-keun.
Qalqalah paeh/ dipaehan,
dibacaa ulah sina eungit sorana, tapi masih aya keneh kakuping meeusan, saperti
urang
nepak atawa ngalungkeun bal, upamaetabalragrag,tarateruscicing tapi sok ngancul
deui kaluhur, nya
sora anu
saperti kitu disebatna qalqalah teh. Huruf qaqalah teh aya 5, diantarana :
Qalqalah
teh aya dua rupa nyaeta, diantarana Qalqalah Shugra sareng Qalqalah
Kubro.
·
Qalqalah Shugra
Qalqalah shugra ( leutik ) nyaeta sora
huruf qalqalah anu paeh asli ( paeh kusabab make pamaeh atawa sukun ),
ari ayana
eta huruf qalqalah sarua bae, boh ditengah kalimah atawa ditungtung kalimah.
Sedengkeun,
·
Qalqalah Kubro
Qalqalah Kubro ( gede ) nyaeta
sora huruf qalqalah anu paehna asli ( tapi paeh kusabab diwaqaf-keun ). Huruf
qalqalah
kubro ayana ditungtung, sarta teu aya qalqalah kubro dimana heunteu
diwaqafkeun.